Sitemap
SPYNDx

SPYNDx

Bapak-bapak pencari ujung selotip.

Aljabar

2 min readAug 15, 2024

Unggal poé Jumat, palebah Pasar GSP teu weléh macét. Basa harita mah parah pisan. Asa teu maju-maju acan. Parapatan medeut. Anu ti kidul paburu-buru. Anu ti wétan hayang pagancang-gancang. Anu ti kalér geus adug lajer. Komo anu ti kulon panggandéngna klakson.

Press enter or click to view image in full size
ilustrasi

Pabeulit sagala-gala, teu puguh titingalian jeung dédéngéan. Sora klakson mah teu kudu diomongkeun deui. Sora ambeuk-ambeukan kana musabab macét tangtu geus pasti. Ieu anu rada béda mah sora hog-hég-hag di tukang. Kuring ngarérét tina spion. Si horéng terdugana ibu-ibu jeung bapa-bapa dina vario beureum. Teuing ku naon kuring jadi hayang ngareugeupkeun.

“Geus lila urang teu meli baju!” ceuk ibu-ibu. “Ah, lain bulan kamari meuli baju téh?” témbal si bapa. “Kamari mah baju jang gawé. Ayeuna mah butuhna jang ulin!” si ibu teu éléh géléng.

Get SPYNDx’s stories in your inbox

Join Medium for free to get updates from this writer.

“Nya arék dipaké ulin ka mana?” tanya si bapa. “Hayang ka Aljabar!” teges si ibu. “Solat mah teu kudu di Aljabar, riweuh!” ditémbal ketus ku si bapa, “Jaba motor ogé olianeun!”

“Paribasa ganti oli! Lain bulan kamari ganti oli téh?” éta ibu-ibu acan éléh omong. “Ari saur bunda, ganti oli kedah sataun sakali sanés?” rada nyindiran éta si bapa. “Teuing! Teu pira hayang baju jeung ka Aljabar ogé meni hésé!” ceuk ibu-ibu bari miceun beungeutna.

“Euh, dasar riweuh ti heula. Piduiteun na ogé acan tangtu!”

Tah, anu kieu téh conto babasan “beunghar méméh boga!”

Catatan: ukur carita rékaan :D

--

--

SPYNDx
SPYNDx

Written by SPYNDx

Bapak-bapak pencari ujung selotip.